-->

PUISI UJANG NYAI NU KEUR BERJUANG

Puisi Sunda tentang perjuangan

 

 

UJANG NYAI NU KEUR BERJUANG

 

Aranjeun teu dihubungkeun ku getih

Tapi salaku indung nu boga kanyaah ka anakna

 

Hate asa digerihan, cai mata bari ngadoa nyurucud teu karasa

Hate indung mah sarua ngerina, sadar umur aranjeun can manjingan

Aranjeun berjuang jang kahirupan kahareup urang

 

Nu teu bisa diupayakeun ku jalma nu pernah mere jangji ka urang sarerea

Nu pernah didukung ku urang sarerea

Nu ayeuna geus poho kana ayana naraka, sabab keur ngasaan nikmat dunya

 

Sanajan moal aya ibar nu bisa katempo, da euweuh nu wani nayangkeun

Hubungan batin urang bakal silih bejaan,

Bral ujang nyai miang, doa Indung/bapa pasti marengan, bakal dianteurkeun ku sumilir angin nu marengan  

 

Tong poho kudu silih cekelan, jaga kasalametan, tong beunang kaangsonan sing panceg kayakinan,

Pintonkeun kapinteran tong nembongkeun otot beusi tulang waja

Sing hasil pamaksudan, jeng salamet balik deui kana aisan

 

110421
LihatTutupKomentar