-->

Pepeling Diri

SAMPURASUN
 
Di handap ieu nyaeta paribasan jeung babasan sunda mudah - mudahan tiasa janten referensi kangge bahan renungan khususna pikeun urang sunda anu wanci kiwari kaciri budayana tos ka geser ku budaya basa deungeun...
 
babasan sunda

 
 
Teu meunang gugur samemeh tempur, Teu meunang perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan danalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub jeung takabur
 
Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu. Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah.Dahareun anu asup kana awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati - ati.
 
Mudah - mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung. Sasanget - sangetna leuweung, moal leuwh sanget tibatan sungut Manusa, sabab manusamah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal panggih jeung balitungan 
 
Kudu mampuh tungkul kana jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakeun . Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah 
 
Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang - anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah .Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang 
 
Jelema mah tungkul tumpuk kalaluputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu dipake Lain anjeun kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan anjeun. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat 
 
Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan .Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur 
 
Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada .Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun - embunan, ditampi ku ati sanubari.
 
Hirup kudu sauyunan, mun ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuk saigel 
 
Ari nu ngaranna hukum adil teh teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan 
Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangeret bingkeng, dipake pamikul bengkung, dipake suluh matak teu ruhay, matak baluweung kanu niupna 
 
Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugia aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan .
 
Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal diteang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa.
 
Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea.
 
Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung. Lamun neda kudu ka Pangeran, muntang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti - nganti.
 
Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Rasul anu pinunjul, Muhammad anu pinunjung. Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa 
 
Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na .Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang. 
Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya. 
 
Sabar teh lain Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut. Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa. 
 
Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih rasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan. 
 
Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah - euwah? 
Bisi aya elmu kasungkur - sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir - singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.Ulah jalir janji lanca - linci luncat mulang udar tina tali gadang.
 
Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh .Dimana - mana hurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina.
 
Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati.
 
Kudu paheuyeuk -  heuyeuk leungeun paantay - antay tangan.Neangan luang tipapada urang. Ulah nyaliksik ku buuk leutik .Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina.
 
Ulah pagiri - giri calik, pagirang - girang tampian.Bengkung ngariung bongkok ngaronyok .Nyaur kudu diukur nyabda kudu di ungang .
 
Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagalarupa eusina.Hate nu Kalingkung ku wawangunan, katingker ku papageran. 
 
Miindung ka waktu, mibapa ka zaman. Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa. 
 
Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok. Nu geulis jadi werejit, nu lenjang jadi baruang. 
 
Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati. 
 
Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana? 
 
Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng - eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.
 
Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik - rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama. 
 
Positip x posotip= positip. Negative x negative= positip. Positip x negative=negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah. 
 
Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng. 
 
Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi 
 
Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat) 
 
Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul. 

#sugan aya manfaatna.... 🙏🙏
Kenging ti WA.
LihatTutupKomentar